GOYANG PRIANGAN
Goyang – goyang – goyang - goyang
Goyang di priangan
Mun ngadangu sora gendang
Sok goyang – goyangan
Goyang – goyang - goyang – goyang
Goyang di priangan
Ketuk tilu jaipongan
Sok hayang ngagoyang
Lamun aya anu kariaan
Biasa sok tatanggapan
Nanggap orkes melayu dangdutan
Hanyakal sok riributan
Lamun aya anu kariaan
Biasa sok tatanggapan
Nanggap orkes melayu dangdutan
Hanyakal sok riributan
CUNGKELIK CUNGKEDANG
Cungkelik cungkedang
Budak leutik hayang dahar gedang
Nyi nojang jaman skarang
Rambut panjang sok digaruntingan
Cungkelik cungkedang
Budak leutik hayang dahar gedang
Pemuda jaman skarang
Rek apel dia tak punya uang
Muda – mudi di jaman ayeuna
Soal modal keur ditareangan
Ala barat sok ditarurutan
Loba nu ingkar kapribadian
Dasar jamana enggeus modern
Tua muda embung kaelehkeun
Kokoboyan embung katinggaleun
Teu kaop ninggal eta nu herang
REMIS ENJING
S/Remis enjing dina eurih
R/Remis enjing dina eurih
S/Ngagarendang narembongan
R/Ngagarendang narembongan
S/Remis enjing numarungtang
R/Remis enjing numarungtang
S/Pageh kana dangdaunan
R/Pageh kana dangdaunan
R/Hate kuring nu paanggang
S/Jeung manehna lawas dalang
R/Jeung manehna lawas dalang
S/Euweuh beja jeung carita
R/Euweuh beja jeung carita
S/Nah anjeun the kamana
R/Nah anjeun the kamana
S/Remis enjing marurangan
S/Rag – rag dina dangdaunan
S/Marengan ngeclak cipanon
S/Jeung manehna rek paturay
RAYAK – RAYAK
Kasenian kabudayaan biasana sanes lumayan
Ngaragetkeun duduluran ngangge basa kasundaan
Hayu urang ucing – ucingan ucing hiji buku tilu
Hayu urang ulin – ulinan ngahiji jadi saestu
Otista jalan ka baros Kebon jati jalan Ci Anjur
Anu nyata tur karaos jadi jalma anu jujur
Waru doyong ka Ci Poho mandiri jalan ka Degung
Ulah sombong ulah poho ka gusti anu maha agung
Ci panengah jalan ka kidul Ci Kondang ka Balandongan
Ulah bungah lamun kedul moal meunang kasenangan
Bhayangkara kabandungan Ci Aul Babakan Bandung
Nu kakara ngabandingan campur gaul silih tulung